ULEMAN KEMPEL NGARIUNG KELUARGA RD. PIPING DANAWIRIA
Lokasi Kampung Muara, Desa Sugih Mukti, Kec.Pasir Jambu ULEMAN KELUARGA Assalamu Allaikum, Wr, Wb. Wireh ngalap barokah Sasih Saban Tahun 1442 H/2021, sakantenan nyambut sasih Ramadhan anu tangtos Alloh bakal masihan Magfiroh, sareng pangampunan tina sagala rupi kalepatan sareng kahilapan urang sadayana, Kukituna Salah sawios Putra Keluarga Rd. Piping Dana Wiria, maksad hoyong ngempel sareng ngariung ka sadaya Para Putra, Putri, Putu sareng buyut Bapak Rd. Piping Danawiria Bin H. Maksum sareng Ibu Hj. Rindangsih Binti Muhammad Muhdi, anu pamaksadan nana dina DINTEN SABTU, TANGGAL 3 APRIL 2021 , JAM 09.00 WIB DUGI KA RENGSENA, TEMPATNA DI VILLA SIMPAY WARGI, DESA SUGIH MUKTI, KECAMATAN PASIR JAMBU (Keluarga H.Rudi Meisal dan Hj.Rismawati). Teu aya deui harepan sareng kabingah upami urang tiasa ngempel sadayana, di waktosna. Sakitu Uleman Khusus dina sasih Sabban, biri urang nyambut Sasih Ramadhan. Hatur Nuhun Kana Saga Perhatosan nana. KELUARGA BESAR RD. PI...