Rabu, 13 Oktober 2021

Alhamdulilah Rengse Dan

 Bandung, 12 Oktober 2021

Alhamdulilah Anak Bungsu Ahmad Ramadhan rengse sakolana kenging Predikat Sangat Memuaskan di Bidang Hukum, eta anu janten pangharepan Keluarga Mugi di lancarkeun sagalarupi Cita citana.

Yaa Allah Paparin Katurunan abdi sadayana,  para putra, putri putu buyut sadayana di jantenkeun jalmi anu saroleh, anu tetep nyepeng kaimanan sareng akidah tauhid anu di diridhoi ku Allah Subhanahu wata'alla sareng nabi Muhammad Salahu Alaihi Wassalam.

Yaa Allah mugi ngalungsurkeun Rizkina ka Putra putra abdi, cucu buyut sareng katurunan abdi sadayana dugi ka Akhir Zaman.

Yaa Allah Hapunten Dosa dosa abdi sareng istri Abdi bilih abdi Hilap Taubat ka Gusti Allah.

Yaa Allah Mugi gusti ngahapunten kana sagala kelepatan Bapak Abdi Bapak Cece Danumiharja Bin H. Yahya, sareng Pun Biang Ibu Yuyu Yuharyanah Binti H. Hasan, oge Bapak Mertua Bapak Rd. Piping Danawiria Bin H.Maksum, sareng Ibu Mertua Ibu Hj. Rindangsih Binti Mochammad Juhdi, muhi sepuh sepuh abdi sadayana di kempelkeun sareng jalmi jalmi saleh Para Akhli Sorga.

Yaa Allah mugi Allah mapiran barokah ka Abdi sadayana, ka para putra putrana, putu putuna anu ngadaroakeun ka Para Mantenana Pini sepuh Karuhun Abdi sadayana, ku Ngaoskeun Surat Umul Qur'an, Alfatihah....




Tidak ada komentar:

Posting Komentar