Geuning ayeuna nembe sadar yen ibu rama urang teh anu pangpayuna masihan palajaran hirup ka urangteh, tina sagala rupi masalah anu bakal ka sorang ku urang, tapi sok sakapeung dina diri urang nolak kana papatah sepuh urang, sakapeung mah nyebut kolot bawel, kolot cerewed, tapi gening ayeunamah sadar etateh tanda yen sepuh urang teh nyaah pisan ka urang, geuning ayeunamah sadar upami urang udur, kolot sok dumareuda kajeun nyeri dirina batan nyerieun budakna, duh karaos ayeunamah gening sepuh urang teh nyaahna ka urang alahbatan nyekel kana endog beubeureumna.
Ayeuna urang parantos sawawa, putra aya, putu keur lulucuna, meni kacida ka tinggal pisan kanyah sepuhteh moal putus tepi ka akhir jaman oge.
Tah kukituna ayeunamah urang ngan tiasa ngaamatkeun ka barudak, sareng ka incuteh nyaeta sing nyaah aranjeun ka ibu sareng rama, ka Aki sareng Nini. Da ku lantaran eta urang tiasa hirup, tiasa jeneng, anu pasti tiasa ngaraoskeun kanikmatan anu di paparinkeun ku Allah Subhanahu Wataala, kulantaran ayana sepuh sepuh urang sadayana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar